Paribasa Sunda A - Z

A
  • Abang-abang lambe; Ukur ngagenahkeun batur wungkul.
  • Abong biwir teu diwengku, abong letah teu tulangan; ngomong henteu dipikir heula, tungtungna matak pikanyerieun batur.
  • Adam lali (ing) tapel; Jelema nu geus poho ka baraya jeung poho ka lemah cai sorangan.
  • Adab lanyab; Jiga nu handap asor, daek ngahormat kabatur, tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna batur nu teu resepeun.
  • Adat Kakurung ku iga; Laku lampah kurang hade mani hese dileungitkeunana.
  • Adean ku kuda beureum; Ginding ku papakean/barang meunang nginjeum, atawa agul ku banda batur. 
  • Adep-hidep; Kumawula ka salaki
  • Adigung adiguna; Gede hulu, boga rasa leuwih punjul ti batur, kaciri dina omongan jeung laku lampahna 
  • Adil palamatra; Kacida adilna
  • Adu telu ampar tiga; Nu aya perkara diriungkeun atawa nu jual-beuli.
  • Agul ku payung butut; Jalma nu sok agul nyaritakeun yen manehna turunan menak baheula, sanajan ayeuna hirupna taya kaboga. 
  • Ahli leleb; tukang baranghakan.
  • Ajak jawa; Ngajak bari ukur tamba, lain saenyana, dapon ngeunaheun batur.
  • Akal bulus; Akal licik, akal jahat.
  • Akal koja; Pinter dina kagorengan.
  • Aki-aki tujuh mulud; Geus kolot pisan.
  • Aku-aku angga; Ngan saukur ngaku ngarasa nu boga, padahal saenyana mah milik batur.
  • Aku panggung; Darehdeh jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna, pangbeungharna, jste.
  • Alak paul; Kacida jauhna.
  • Alak-alak cumampaka; Niru-niru atawa hayang nyaruaan saluhureun; pupujieun; ieu aing.
  • Allah mah tara nanggeuy ti bongkokna; Allah moal mihak ka jalma nu boga dosa.
  • Along-along bagja; Teu tulus meunang bagja.
  • Alus laur hade ome; Tegep dedeg pangadegna (boh awewe boh lalaki).
  • Alus panggung; Hade dedeg pangadegna. 
  • Ambek nyedek tanaga midek; Kacida ambekna ngan teu bisa ngalawan lantaran moal pikuateum.
  • Ambek sadu santa budi; Saleh hate, lemes budi, sabar darana.
  • Ambekna sakulit bawang (sakecap kadua gobang); Babari ambek rosa.
  • Ambon sorangan; Bogoh sosoranganan, teu dilayanan.
  • Amis budi; Hade budi parangi, someah, mun nyarita sok dibarung ku imut. 
  • Amis daging; Babari pisan katerap kasakit
  • Anak dua keur gumunda; Awewe nu karek boga anak dua, keur meujeuhna tegep, pikabogoheun.
  • Anak emas; Anak anu kacida dipikanyaah ku kolotna, atawa pagawe anu kacida dipikanyaah ku dununganana.
  • Anak hiji keur gumeulis; Awewe" nu karek boga anak hiji, katenjona teh sok beuki geulis bae, komo nu bisa ngurus awak mah.
  • Anak merak kukuncungan; Kahadean atawa kagorengan anak ngala ka indung-bapana.
  • Anak puputon; Anak nu kacida didama-dama, nu pohara dipikanyaah.
  • Anak tilu keur kumusut; Upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut, geus teu pati luis.
  • Anggeus-anggeusan; Bebeakan
  • Anjing ngagogogan kalong; Mikahayang nu pamohalan kalaksanakeun.
  • Anjing nyampeurkeun paneunggeul; Ngadeukeutan nu rek mahala.  
  • Anu burung diangklungan, anu gelo didogdogan, anu edan dikendangan; Anu gedebul dihanu'nan, supaya tambah maceuh.  
  • Apal cangkem; Apal tapi teu nyaho hartina.  
  • Ari diarah supana, kudu dijaga catangna; Ari aya barang nu diala hasilna kudu daek ngurusna.
  • Ari umur tunggang gunung, angen-angen pecat sawed; Najan umur geus kolot, kahayang kawas nu ngora. 
  • Asa aing uyah kidul; Boga rasa panggindingna, pangkasepna, pangtegepna atawa pangpunjulna. 
  • Asa bucat bisul; Ngarasakeun lugina sanggeus ngarengsekeun pagawean anu beurat, atawa sanggeus lesot tina kasusah.
  • Asa dijual payu; Ngungun dumeh nyorangan dipanyabaan, jauh ti inding bapa.
  • Asa dijual teu payu; Cuang-cieung euvveuh batur lantaran ditinggalkeun di panyabaan ku anu ngajakna.  
  • Asa dina pangimpian; Rarasaan keur ngimpi awahing helok padahal keur nyaring.  
  • Asa dipopokan tai; Ngarasa pohara diwiwirangna.  
  • Asa dipupuk birus; Ngarasa tibra hate. 
  • Asa ditonjok congcot; Kacida atohna, bungah meunang rejeki nu teu disangka-sangka. 
  • Asa ditumbu (katumbu) umur; Kacida atohna, lantaran dibere barang anu kacida dipikahayangna atawa ditulungan dina keur meunang kasusah. 
  • Asa euweuh beungeutan; Kacida erana. 
  • Asa kabur pangacian; Kacida reuwasna, nepi ka teu puguh cabak; asa leungit sumanget
  • Asa kagunturah madu kaurugan menyan putih; Kacida bungahna jeung kacida bagjana.
  • Asa katindihan langit; Henteu aya harepan.
  • Asa kiamat; Pohara sedihna jeung susah luar biasa.
  • Asa mobok manggih gorowong; Kabeneran aya jalan pikeun ngahasilkeun usaha nu keur dipaju.
  • Asa nanggeuy endog bebeureumna; Kacida nyaahna.
  • Asa nyanghulu ka jarian; Teu ngeunah rasa lantaran kudu nga-dunungan ka jalma nu sahandapeun pangartina atawa harkat darajatna.
  • Asa peunggas rancatan; Leungiteun batur nu sok nalang dina pagawean.
  • Asa potong (pingges) leungeun katuhu; Leungiteun jelema nu kacida gede gawena, kacida dipikabutuhna.
  • Asa rawing daun ceuli; Mindeng ngadenge omongan anu henteu ngeunah.
  • Asa teu beungeutan; Era kacida.
  • Asa tungkeb bumi alam; Kacida bingungna.
  • Asak jeujeuhan; Dipikiran heula masing anteb.
  • Asak sasar; Dipaluruh bener-henteuna.
  • Asak warah; Hade atikan, basa jeung paripolahna merenah.
  • Atah adol; Kurang ajar, kurang pangawarah.
  • Atah anjang; Langka silih anjangan.
  • Atah warah; Kurang atikan, sabalikna tina asak warah.
  • Ateul biwir; Sok getek hayang bae ngomong sanajan teu perlu dicaritakeun.
  • Ateul dampal leungeun; Gereget hayang nampiling.
  • Ati mungkir beungeut nyanghareup; Caritaan jeung kalakuan henteu terus nepi kana hate, sabab di hareupeun hade di tukangeun ngagorengkeun.
  • Ati putih badan bodas; Beresih hate, taya geuneuk-maleukmeuk.
  • Atung eneh atung eneh; Kitu-kitu keneh.
  • Aub payung , sabet panon; Sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah
  • Aub payung sabet sapon saba-soba; Nuduhkeun wawatesan pakuwon.
  • Awak kawas badawang; Jangkung gede teu matut.
  • Awak sabeulah; Henteu boga salaki atawa pamajikan.
  • Awak sampayan(eun); Make pakean kumaha oge pantes bae.
  • Awak satilas; Jangkung lenjang.
  • Awet jaya (ngora); Katenjona siga ngora bae.
  • Awet-rajet; Dilarapkeun ka nu laki-rabi, lana tapi rea paceng-kadanana.
  • Awewe mah dulang tinande; Awewe mah biasana kumaha lalaki/salaki.
  • Awewe mah tara cari ka Batawi; Awewe mah tara nyiar kipayah.
  • Awi sadapuran tara lempeng kabeh; Najan sarua saturunan, tapi perkara milik jeung rejeki mah tara sarua.
  • Aya (boga) garad; Aya maksud nu dikemu, aya nu dipambrih, henteu iklas.
  • Aya astana sajeungkal; Datangna ajal teu gumantung kana umur panjang. Naon-naon anu dianggap jajauheun, bisa wae kajadian.
  • Aya bagja teu daulat; Rek meunang kauntungan atawa kabagjaan, tapi henteu tulus.
  • Aya buntutna; Aya terusna (tina perkara) anu nguciwakeun.
  • Aya cukang (jalan) komo meuntas; Kabeneran aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  • Aya dina sihung maung; Dilarapkeun ka jelema nu loba hubungan jeung gegeden, jadi gampang meunang pitulung.
  • Aya gantar kakaitan; Aya hal arm teu sapuk jeung hatena tapi teu dikedalkeun, henteu iklas pisan; atawa aya perkara atawa kajadian riaon-naon nu pasambung jeung kajadian anu ti heula.
  • Aya hate kadua leutik; Naksir.
  • Aya jalan komo meuntas; Aya cukang lantaran pikeun gancang-gancang ngalaksanakeun pamaksudan.
  • Aya jodo pakokolot; Bisa ngajodo sanggeus papada kolot.
  • Aya jurig tumpak kuda; Datang milik anu henteu disangka-sangka.
  • Aya kelong newo-newo; Aya anu ngusutkeun (ngarorocet), padahal geus beres pisan tadina mah.
  • Aya nu dianjing cai; Aya nu diheroan.
  • Aya peurah aya komara; Aya harega, aya pangaji.
  • Aya (boga) pikir kadua leutik; Aya kahayang anu henteu kanyahoan ku batur, upamana hal kacintaan.
  • Aya (boga) pikir kapingburi; Aya kahayang anu timbul pandeuri; asal teu hayang jadi hayang, sanggeus lila ditimbang-timbang.
  • Ayakan tara meunang kancra; Jelema bodo moal sarua gajihna atawa panghasilanana jeung jelema pinter.
  • Ayak-ayak beas, nu badag moncor nu lembut nyangsang; Nuduhkeun kaayaan anu teu sawajarna upamana bae anu dihukum teh anu teu pira kasalahanana, ari nu gede kasa-lahanana teu dihukum.
  • Ayang-ayangan; Tumerap kana perkara anu rea rambat kamalena.
  • Ayem tengtrem; Euweuh kaributan atawa bancang pakewuh.
  • Ayeuh ngora; Tumerap kana turunan nu maraot ngora-ngora.
    (Masih nuju digarap..................)