Rabu, 29 Desember 2010

Gerentes hate kuring.....

Nyaan mun dipikir dibulak-balik mah, matak kaharti kupikir kahontal ku akal.
Enya eta soal final piala AFF 2010 antara timnas kameumeut urang; Indonesia ngalawan Malaysia.

Ampir sakabeh supporter timnas kuciwa lantaran tim Indonesia teu bisa ngarebut piala AFF. Sanajan dina final leg ka 2 Indonesia meunang 2-1, Indonesia teu jadi juara lantaran eleh agregat 4-2.
Eta meureun sipating jelema mah nu tara puas atawa tara ngarasa cukup ku hasil nu geus
dironjat.

Padahal geus alus kacida tim urang; Indonesia bisa lolos ka final oge, bari jeung ngarebut predikat runner up sagala rupa. Malah peringkat FIFA na oge nerekel sababaraha tingkat jadi urutan 127 dunia tina nu tadina peringkat 135.
Coba daripada nasib Thailand anu teu lolos ka semi final - semi final acan, pan Thailand teh disebutna oge raksasa sepak bola Asia tenggara, buktina teu walakaya nyanghareupan Indonesia. Atawa Vietnam anu jelas jelas di favoritkeun jadi juara piala AFF 2010, nasibna sarua ngajungkel di semi final eleh ku Malysia tea. Padahal nurutkeun catetan dina kertas mah eta 2 tim anu disebutkeun diluhur teh kualitasna leuwih alus tibatan Indonesia atawa Malaysia.
Atawa hiji deui conto, tim Philifina anu diperkuat ku 9 urang naturalisasi Eropa, anu ceuk sabagian jelema mah disebutna oge sarua jeung tim Eropa, pan teu bisa lolos ka final kulantaran bisa dibekuk ku tim kameumeut urang Garuda tea.

Atuh etah ceunah dina Final leg ka hiji eleh ku tim Malaysia 3-0, eta mah wajar pan aya paribasa bal mah buleud. Teu bisa salilana meunang, aya kalana ngalaman eleh kangaranan dina pertandingan mah.
Lain hartina tim Indonesia leuwih goreng ti tim Malaysia, malah mah sabenerna mah tim Indonesia teh leuwih hade batan tibatan tim Malaysia, pan buktina ge jelas; tina tilu kali pertemuan, dimeunangkeun ku Indonesia 2 kali. dina penyisihan mah Malaysia teh remek pisan tepi ka bubuk eleh ku tim Indonesia tepi ka 5-1. Dina final leg kadua Malaysia sarua teu walakaya nahan gempuran tim Indonesia, Indonesia meunang 2-1.
Ngan sakali-kalina tim Indonesia eleh dina piala AFF 2010, bari jeung elehna tim Indonesia 0-3 ku Malaysia teh salah sahiji faktorna ceunah lantaran supporter Malaysia mah henteu sportif ku ayana kasus sorotan laser, itchi powder (bubuk gateul) jeung rupa-rupa isu sejenna.
Jadi singketna Malaysia meunang teh lain jago tapi kulantaran aya bau-bau licik.
Urang mah eleh oge terhormat da maen bari jeung fair play & sportif.
Masalah hasil ahir pertandingan mah urang sanggakeun wae kanu Kawasa. Da nu matak kitu ge geus kudu kitu kuduna.

Barina ge geus teu aneh ieuh mun Malaysia culas mah, da jigana mun urang meunang dina leg kahiji oge boa-boa angger kameunangan urang DIAKU ku maranehna. Sarua jeung nu enggeus-enggeus ngaku-ngaku kana Budaya jeung Pakaya bangsa Indonesia…..
Nu matak kudu reueus mun urang teu nurutan kalakuan supporter Malaysia, henteu saruana.
Tetep nyanghareupan ku sportifitas jeung fair play di barengan ku sumanget Indonesia bersatu.

Masih aya kasempetan-kasempetan sejen di hareupeun. Inti na mah hayu dukung terus tim kameumeut urang Indonesia, nu bajoang di medan laga, usaha satekah polah, ketrukeun sagala pangabisa dina jalan anu sportif. Garuda didadaku, Indonesia pasti menang......!!!

Ieu mah ukur gerentes hate kuring nu geus lilir, jeung sadar kana sagala rupa kanyataan soal piala AFF 2010 tea....... (bari jeung ngahibur diri sorangan.....)

Cag....

Selasa, 14 Desember 2010

PUPUH

Pupuh teh nyaeta wangunan puisi lisan tradisional sunda nu tangtu pola (jumlah engang jeung sora) kalimahna. Nalika can pati wanoh kana wangun puisi sastra modern, pupuh ilahar dipake dina ngawangun wawacan atawa dangding, luyu jeung watek masing-masing pupuh nu ngawakilan kaayaan kajadian nu keur dicaritakeun;

Pupuh aya tujuh welas rupa:

1. Asmarandana, ngagambarkeun rasa kabirahian, deudeuh asih, nyaah;
contona:
Eling-eling mangka eling
Rumingkang di bumi alam
Darma wawayangan bae
Raga taya pangawasa
Lamun kasasar lampah
Nafsu nu matak kaduhung
Badan anu katempuhan

Eling-eling masing eling
Didunya urang ngumbara
Laku lampah nu utama
Asih ka papada jalma
Ucap tekad reujeung lampah
Tingkah polah sing merenah
Runtut rukun sauyunan
Hirup jucung panggih jeung kamulyaan

2. Balakbak, ngagambarkeun heureuy atawa banyol;
contona:
Aya warung sisi jalan rame pisan; citameng
Awewena luas luis geulis pisan; ngagoreng
Lalakina-lalakina los ka pipir nyoo monyet; nyanggereng

Aya warung sisi jalan
Rame pisan kunu jajan
Tihothat nu ngaladangan
Nu jarajan sukan-sukan

3. Dangdanggula, ngagambarkeun katengtreman, kawaasan, kaagungan, jeung kagumbiraan;
contona:
Mega beureum surupna geus burit
Ngalanglayung panas pipikiran
Cikur jangkung jahe koneng
Naha teu palay tepung
Sim abdi mah ngabeunying leutik
Ari ras cimataan
Gedong tengah laut
Ulah kapalang nya bela
Paripaos gunting pameulahan gambir
Kacipta salamina

Hiji basa, hiji bangsa
Basa bangsa, Indonesia
Hiji bangsa, hiji nusa
Nusa tunggal, Nusantara
Seler-seler, suku bangsa
Di wewengkon, mana-mana
Sakasuka, sakaduka
Wujud bangsa, Indonesia

4. Durma, ngagambarkeun rasa ambek, gedé haté, atawa sumanget;
contona:
Moal ngejat sanajan ukur satapak
Geus dipasti ku jangji
Mun tacan laksana
Numpes musuh sarakah
Heunteu niat seja balik
Najan palastra
Mati di medan jurit

Di mamana si penjajah
Pada amarah marudah
Manan kapok anggur gawok
Najan dituyuk diragut
Nagri sadayana
Umumna ngabela
Nyempad rosa, pulitik penjajah
Tapi nu ngajajah
Teu pasrah, teu sadrah
Terus meres, ngahina ngarinah

5. Gambuh, ngagambarkeun kasedih, kasusah, atawa kanyeri;
contona:
Ngahuleng banget bingung
Heunteu terang kamana nya indit
Turug-turug harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun, aya meong

Hulang-huleng, hulang-huleng
Ngahuleng ngaraga meneng
Hate ratug, tutunggulan
Heunteu terang, kaler-kidul
Turug-turug, turug-turug
Harita teh, enggeus burit
Panonpoe geus rek surup
Keueung sieun aya meong

6. Gurisa, ngagambarkeun jelema nu ngalamun atawa malaweung;
contona:
Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang

Hayang teuing geura beurang
Geus beurang rek ka Sumedang
Nagih ka nu boga hutang
Mun meunang rek meuli soang
Tapi najan henteu meunang
Mo rek buru-buru mulang
Rek terus guguru nembang
Jeung diajar nabeuh gambang


7. Jurudemung, ngagambarkeun nu bingung, susah ku pilakueun;
contona:
Mungguh nu hirup di dunya
Ku kersaning anu agung
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti panggih
Geus pinasti
Geus pinasti panggih
Jeung dua rupa perkara
Senang paselang jeung bingung

Mungguh hirup di alam dunya
Ku kersaning anu agung
Geus pinasti bakal panggih
Suka bungah jeung kasedih
Dua rupa nu tumiba
Sakabeh jalma di dunya
Senang patumbu jeung bingung
Eta geus tangtu kasorang


8. Kinanti, ngagambarkeun nu keur kesel nungguan, deudeupeun, atawa kanyaah;
contona:
Budak leutik bisa ngapung
Babaku ngapungna peuting
Nguriling kakalayangan
Neangan nu amis-amis
Sarupaning bungbuahan
Naon bae nu kapanggih

Ari beurang ngagarantung
Pinuh dina dahan kai
Disarada patembalan
Nu kitu naon ngaranna

9. Lambang, ngagambarkeun nu resep banyol tapi banyol nu aya pikiraneunana;
contona:
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal

Nawu kubang sisi tegal
Nyiar bogo meunang kadal
Meunang kadal
Atuh teu payu dijual
Rek didahar da teu halal
Da teu halal

10. Magatru, ngagambarkeun nu sedih, handeueul ku kalakuan sorangan, mapatahan;
contona:
Majalaya, Ciparay, Banjaran, Bandung
Kopo reujeung Cisondari, Cicalengka, Ujung Berung
Rajamandala, Cimahi
Leles, Limbangan, Tarogong

Sukuna pakepit tilu
Panonna opat harerang
Leumpangna semu nu lesu
Ngalengkah teu bisa gancang

11. Maskumambang, ngagambarkeun kanalangsaan, sedih bari ngenes haté;
contona:
Hey manusa mana kaniyaya teuing
Teu aya rasrasan
Kawula make disumpit
Naha naon dosa kula

Naha abong-abong teuing
Nasib abdi jadi hewan
Digawekeun beurang peuting
Dirangket taya rasrasan

12. Mijil, ngagambarkeun kasedih tapi bari gedé harepan;
contona:
Mesat ngapung putra Sang Arimbi
Jeung mega geus awor
Beuki lila beuki luhur bae
Larak-lirik ninggali ka bumi
Milari sang rai
Pangeran Bimanyu

Aduh Gusti nu Kawasa
Jisim abdi ageung dosa
Pangna abdi gering nangtung
Reh ka sepuh wantun nundung

13. Pangkur, ngagambarkeun rasa ambek nu kapegung, nyanghareupan tugas nu beurat;
contona:
Seja nyaba ngalalana
Ngitung lembur ngajajah milangan kori
Heunteu puguh nu dijugjug
Balik paman sadaya
Nu timana tiluan semu rarusuh
Lurah begal ngawalonan
Aing ngaran Jayapati

Euleuh itu budak gembul
Awak gembru bayuhyuh gawena kedul
Ukur heuay jeung nundutan
Ka sakola unggal poe kabeurangan
He barudak tong nurutan
Ka nu gembul kokomoan
Bisi kedul jeung ogoan
Awal akhir katempuhan

14. Pucung, ngagambarkeun rasa ambek ka diri sorangan, atawa keuheul kulantaran teu panuju haté;
contona:
Lutung buntung luncat kana tunggul gintung
Monyet loreng leupas luncat kana pager dengdek
Bajing kuning jaralang belang buntutna

Hayu batur urang diajar sing suhud
Ulah lalawora bisi engke henteu naek
Batur seuri urang sumegruk nalangsa

15. Sinom, ngagambarkeun kagumbiraan, kadeudeuh;
contona:
Warna-warna lauk empang
Aya nu sami jeung pingping
Pagulung patumpang-tumpang
Ratna Rengganis ninggali
Warnaning lauk cai
Lalawak pating suruwuk
Sepat pating karocepat
Julung-julung ngajalingjing
Sisi balong balingbing, sisi balungbang

Harta pada nareangan
Harti pada narabahan
Harta harti sarwa guna
Pada bisa mere bukti
Bisa hasil sapaneja
Sok nyumponan cita-cita
Harta harti song mangpaat
Dapon diraksa taliti

16. Wirangrong, ngagambarkeun nu kawiwirangan, éra ku polah sorangan;
contona:
Barudak mangka ngalarti
Ulah rek kadalon-dalon
Enggon-enggon nungtut elmu
Mangka getol mangka tigin
Pibekeleun sarerea
Modal bakti ka nagara
He barudak mangka ngarti
Ulah rek kadalon-dalon
Nungtut elmu jeung pangarti
Masing rajin soson-soson
Pibekeleun hirup tandang
Modal bakti ka nagara
Lemah cai anu urang
Perlu dijaga dibela

17. Ladrang, ngagambarkeun nu resep banyol bari nyindiran;
contona:
Aya hiji rupa sato leutik
Engkang-engkang, engkang-engkang
Sok luluncatan di cai
Ari bangun arek sarupa jeung lancah

Coba teguh masing telik
Eta gambar sidik-sidik
Sato naon kitu wanda
Reujeung dimana ayana




Sumber: Wikipedia, Sundanet.com