Senin, 30 Agustus 2010

Puji Syukur

Assalamu'alaikum Warohmatullohi Wabarokatuh...
Taya ucap sareng kalimah anu utama lintang ti muji syukur ka Hadirat Alloh SWT, Pangeran nu murbeng alam.
Dugi ka danget ieu kalayan kudrot sareng irodat Mantenna urang sadaya tiasa kumpul ngariung, patepung lawung, paamprok jonghok, hempak merbayaksa dina ieu blog. Nu dipimaksad ku didamelna ieu blog teu aya sanes seja nguntun tipung duduluran, ngepang tali mimitran tur manjangkeun tali silaturahmi dina raraga ngamumule tur nanjeurkeun budaya sunda.
Kalihna ti eta mudah-mudahan ku ayana ieu blog teh sing janten mangpaat sasieureun sabeunyeureun kanggo urang sadayana, utamina anu micinta budaya sunda.