Rabu, 24 Agustus 2011

Ucapan Lebaran dina Bahasa Sunda

> Wening galih nu dipamrih, jembar manah nu diseja, mugi agung cukup lumur neda hapunten kana samudaya kalepatan lahir tumekaning batin. Wilujeng boboran siam.

> Bilih aya tutur saur nu teu kaukur, reka basa nu pasalia, laku lampah nu kirang merenah, neda hapunten tina samudaya kalepatan lahir sinareng batin.

> Ngahaturkeun wilujeng boboran siam 1 Syawal 1432H. Bilih kantos kasabit kaciwit ati anu matak nyungkelit kana ati, tugenah kana manah, kasiku catur katajong omong ku pribados, mugi rido ngahapunten samudaya kalepatan.

> Tina weningna ati nu suci, tina mumunggang rasa nu ageung rumasa, bilih aya tutur saur nu teu ka ukur, aya lampah nu teu merenah, tur lisan nu ngaraheutkeun manah, neda panghapunten lahir tumekaning batin, mugia luntur kalbu jembar panhampura. Wilujeng boboran siam 1432H. Taqobalallohu minna wa minkum shiyamana wa shiyamakum, minal aidin walfaidzin.

> Mipit amit seja nurih kapeurih ati, malah mandar lubar akar-akar angkara na satungkebing rasa. Ngala menta galura pangampura tina sagala lalampahan tur rumpaka nu ngagelar raheut manah. Taqobalallohu minna waminkum shiyamana wa shiyamakum, minal aidin wal faidzin.

> Laligarna tarate dina talaga hate, nyambuang seungit malati nu ligar dina taman ati janten ciciren lubarna kalepatan papada manusa. Wilujeng boboran siam 1431H. Taqqobalallahu minna wa minkum, Shiyamana wa shiyamakum.

> Sadaya jalmi tiasa ngiring lebaran, tapi teu sadaya jalmi tiasa ngiring Idul Fitri, mugi urang sadaya kalebet jalmi nu tiasa ngiring Idul Fitri. Wilujeng boboran shiyam 1432H. Hapunten samudaya kalepatan.

> Bilih kasabit kaciwit ati, karumpak ungkara basa, kapancah kalengkah ucap, kajenggut kababuk catur, kadudut kalindu qolbu, tawakufna anu kasuhun, mugi rido galih jembar pangampura, hapunten samudayaning kalepatan. Wilujeng boboran shiyam 1432H.

> Bilih aya langkung saur bahe carek, tutur saur nu teu kaukur, laku lampah nu teu merenah tug dugu ka ngaraheutkeun manah, dina bulan nu pinuh barokah ieu hayu urang silih lubarkeun silih hapunten lahir sinareng batin. Hayu urang mapag 1 syawal 1432H ku kabungahan tur kaikhlasan.

> Ginulur rahayu kersana Nu Maha Agung, ginanjar bagja kersana Nu Maha Kawasa, Agungna ping 1 Syawal urang papag ku kaikhlasan sareng kajembaran manah, ngalubarkeun samudaya kalepatan lahir tumekaning batin antawis urang. Mugia Alloh SWT ngabulkeun kana pamaksadan urang. "Wilujeng boboran Shiyam 1 Syawal 1432H.

> Taya basa nu bisa direka, taya saur nu bisa jadi pangjajap catur, lintang ti kedalna ucapan "Wilujeng boboran shiyam" neda hapunten lahir tumekaning batin.

> Ngeunteung na raga katineung, nyaliksik diri ngarampa raga, bari reureuh milang dosa, bulan pangharepan meh lekasan, breh poe Fitri nembongan. Neda hapunten samudaya kalepatan. Minal Aidin Wal Faidzin.

Sabtu, 12 Februari 2011

ISTILAH SUNDA

ISTILAH KEKEMBANGAN

Kembang Awi: Eumbreuk
Kembang Bako: Bosongot
Kembang Bawang: Ulated
Kembang Bolang: Ancal
Kembang Boled: Tela
Kembang Cabe: Bolotot
Kembang Cau: Jantung
Kembang Cengek: Pencenges
Kembang Cikur: Jelengut
Kembang Eurih: Ancul
Kembang Gedang: Ingwang
Kembang Genjer: Gelenye
Kembang Hoe: Bubuay
Kembang Honje: Comrang
Kembang Jaat: Jalinger
Kembang Jambe: Mayang
Kembang Jambu Aer: Lenyap
Kembang Jambu batu: Karuk
Kembang Jarak: Uing
Kembang Jengkol: Merekenyenyen
Kembang Jeruk: Angkruk/angkes
Kembang Jotang: Puntung
Kembang Kadu: Olohok
Kembang Kalapa: Suligar
Kembang Kaso: Curiwis
Kembang Kawung: Pengis
Kembang Koneng: Badul
Kembang Kulur: Pelepes
Kembang Laja: Jamotrot
Kembang Leunca: Pengit
Kembang Limus: Seleksek
Kembang Lopang: Cacas
Kembang Muncang: Rinduy
Kembang Pare: Ringsang
Kembang Peuteuy: Pendul
Kembang Salak: Sedek/gojod
Kembang Sampeu: Dingdet
Kembang Taleus: Ancal
Kembang Tangkil: Uceng
Kembang Terong: Moncorong
Kembang Tiwu: Badaus
Kembang Waluh: Alewoh